Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Carpon Bahasa Sunda Pendidikan


Carpon Bahasa Sunda Pendidikan

Apa itu carpon dalam bahasa sunda

1. Apa itu carpon dalam bahasa sunda


Jawaban:

artinya bagaimana

Penjelasan:

mf klo slh

Jawaban:

dalam bahasa Sunda carpon yg artinya bagaimana


2. 1.pengertian carpon dengan bahasa sunda 2. menyebutkan unsur unsur carpon+ pengertian nya dengan bahasa sunda INGAT DENGAN BAHASA SUNDA YA


Carpon atawa carita pondok, mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Carpon teh kaasup karya sastra wangun prosa modern. Conto karya sastra wangun prosa modern lianna nyaeta saperti novel. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Carpon disebut carita pondok sabab eusi caritana relatif leuwih pondok umpama dibandingkeun jeung carita nu aya dina novel. Carpon mangrupa carita rekaan anu eusina bisa carita nyata atawa hayal.

Unsur unsur nu aya dina carpon nyaeta unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur-unsur intrinsik anu aya dina hiji carpon nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak tokoh, amanat, sudut pandang jeung gaya basa. Dihandap ieu dijentrekeun unsur-unsur intrinsik nu aya dina hiji carpon :

1. Unsur tema, mangrupakeun gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu aya dina carpon. Tema mangrupakeun jiwa ti sakabeh bagian carita nu aya dina carpon. Umpama ditilik tina cara nepikeunana, aya tema anu ditepikeun ku sacara tersurat atawa sacara jelas jeung ku sacara tersirat atawa sacara samar-samar.

2. Unsur latar, mangrupakeun sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carpon. Aya tilu unsur anu dianggap poko nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana.

3. Unsur galur, mangrupakeun runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carpon.

4. Unsur tokoh, mangrupakeun jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina carpon. Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.

5. Unsur watak tokoh, mangrupakeun unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran fisik tokoh.

6. Unsur amanat, mangrupakeun pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carpon.

7. Unsur sudut pandang, mangrupakan hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina carpon ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.

8. Unsur gaya basa, mangrupakeun hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun carpon anu hirup jeung endah.

Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik nu aya dina carpon nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji carpon. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina carpon nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.

3. apa saja setruktur carpon bahasa sunda


Carita pondok atawa disingkat carpon, mangrupakeun karya sastra wangun prosa, nyaeta anu kaasup prosa modern. Karya sastra wangun prosa modern lianna nyaeta saperti novel. Sedengkeun conto karya sastra anu kaasup wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

Umpama ditilik salewat mah, dongeng jeung carpon teh kacirina sarua, henteu aya bedana, tapi eta dua karya sastra teh aya dina kelompok karya sastra anu beda, nyaeta dongeng aya dina kelompok prosa buhun jeung carpon ayana dina kelompok prosa modern tea.

Tapi dongeng jeung carpon miboga bebeda anu khas, saperti yen carita anu aya dina dongeng mah sok loba bohongna atawa pamohalan, atawa kadang henteu realistis, sedengkeun carita anu aya dina carpon mah, sanajan mangrupa hayalan, eta caritana teh realistis.

Eusi carita anu aya dina carpon mah biasana relatif pondok, kira-kira ngan saukur 10 kaca atawa kira-kira 10.000 kecap, beda jeung novel anu caritana panjang. Ku pondokna carita nu aya dina carpon, biasana carpon bisa anggeus dibaca ku ngan saukur sakali baca.

Umpama ditilik tina struktur, carpon nagbogaan bagian-bagian saperti abstrak, orientasi, komplikasi, evaluasi, resolusi, sarta koda. Abstrak mangrupakeun ringkasan atawa inti tina hiji carpon. Orientasi nyaeta anu aya patalina jeung waktu, suasana, sarta tempat anu dicaritakeun dina hiji carpon.

Sedengkeun komplikasi eusina mangrupakeun runtuyan kajadian-kajadian anu dihubungkeun sacara sabab jeung akibat. Evaluasi nyaeta struktur konflik anu kajadian sarta nuju kana klimaks anu geus mimiti meunangkeun solusi. Dina bagian resolusi pangarang geus mimiti ngajentrekeun solusi anu dialami ku tokoh. Dina bagian koda disebutkeun nilai atawa pangajaran anu bisa dicokot ku anu maca eta carpon.

4. Carpon singkat bahasa sunda tentang liburan


Tema : Cerita pengalaman pribadi

Di liburan peré sakola ayena, abdi sakeluargi sareng rerencangan, angkat liburan sasih 2019 ka pantai Pangandaran, nu aya di Ciamis, Jawa Barat. Saking atohna abdi tos mimiti nyiapkeun sagala rupi persiapana ti wengi keneh sapertos acuk, kamera, kaemaman, sareng nu liana.

Abdi sakeluargi angkat nganggo mobil ti bandung kirang langkung tabuh 5 subuh, supados teu keuna macet sareng tereh dugi ka tempat nu dituju. Sabenerna mah abdi ngarasa tunduh keneh enjing eta téh, tapi abdi ngarasa atoh ogé lantaran ku hoyong-hoyongna nganjang ka pantai éta.

Sa'atos beberaha jam, akhirna abdi dugi oge ka pantai pangandaran tabuh 8 enjing, abdi sakeluargi sareng rerencangan langsung baé ngampar samak di basisir pantai, dilajeungkeun sareng acara papahare. Hehee!

Rengsena papahare éta téh, abdi sareng rerencangan teras langsung bae ameng ka pantai pangandaran. Ti mimiti nyobian ngadamel istana tina pasir, maen bal, ngojay, sareng nu liana. Sabab ombakna nu lumayan ageung, abdi jadi teu wani ngojay teubih-teubih ka pantai eta.

Dugi teu karasa panon poé tos mulai turun, abdi calik sakedap sabari ningalikeun kaendahan pantai dibarengan sareng tuang babarengan deui. Sawaktos tuang babarengan téh teu lila sakantenan abdi sakeluarga mulih deui ka bumi.

l


5. Jelaskan tentang carpon bahasa sunda


Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.

6. contoh carpon bahasa sunda singkat​


SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.

Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.

Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Rincian Dongeng:

- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

- Bahasana : Lemes

- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana

- Watek palakuna :

Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.

Raden Sundana = Sarakah

Raden Topobrana = Embung ditindes

- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.

- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :

Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.


7. definisi carpon dalam bahasa sunda


Kategori Soal : Bahasa Sunda - Carita Pondok
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :

Carita pondok atau carpon mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta carpon jeung novel. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang.

Carpon sababna disebut carita pondok nyaeta eusi caritana anu relatif leuwih pondok umpama dibandingkeun jeung carita novel. Carita nu aya dina carpon umumna ngan saukur 5 nepi ka 10 kaca majalah, sedengkeun carita nu aya dina novel umumna panjangna bisa mangrupa hiji buku.

8. contoh carpon bahasa sunda tentang lebaran​


Cerpen kali neng bukan carpon

9. carpon bahasa sunda tentang corona​


markona mal huruf d 20 hhhh


10. Contoh carpon dalam bahasa sunda singkat?


HAYAM KONGKORONGOK SUBUH

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.                                       GAGAK JADI HIDEUNG

           Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak.
          Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh.
          Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
           Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

11. Carpon bahasa sunda yang singkat


kayak cerpen cerita pendek

12. carpon bahasa sunda tentang pangalaman pribadi


Dina basa Sunda, aya dua rupa pangalaman, nyaeta nu disebut pangalaman pribadi jeung catetan poean. Ari catetan poean mah dina nulisna teh langsung unggal poe atawa unggal aya kajadian anu penting, sedengkeun pangalaman pribadi mah dina nulisna teh siga nulis carpon, nyaeta nulisna make rancana jeung dumasar kana aturan anu aya dina aturan nulis carpon. Di handap ieu conto pangalaman pribadi anu wangunna siga carpon :

Liburan ka Basisir Batu Karas

Pangandaran teh sabenerna mah mangrupakeun daerah wisata anu kacida alusna nu aya di daerah Jawa Barat. Tapi kunaon Pangandaran teh rada hese kana majuna dina widang pariwisata?. Anu jadi sabab utamana mah nyaeta kulantaran jalan pikeun ka Pangandaran teh kadang-kadang kurang alus jeung sok rada macet.

Kuring sanajan sok mindeng liburan ka Pangandaran oge, dina liburan sakola anu taun kamari, kuring jeung kulawarga ngahajakeun indit deui liburan ka Pangandaran. Tapi dina liburan nu kamari mah kuring henteu ngan saukur liburan  ka Pangandaran wae, tapi kuring oge datang ka hiji basisir anu saacanna can kungsi didatangan ku kuring, nyaeta daerah anu disebut Batu Karas.

Ari daerah Batu Karas teh sabenerna mah masih kaasup keneh ka daerah Pangandaran, tapi kusabab jalan aksesna kurang alus, daerah Batu Karas teh jadi jarang anu ngadatangan. Kusabab jarang anu ngadatangan, kaayaan basisir Batu Karas mah leuwih beresih jeung leuwih sepi umpama dibandingkeun jeung basisir nu aya di Pangandaran. Jadi, kuring waktu harita mah ulin ka basisir di Batu Karas teh kacida pikaresepeunana.

Kuring dina liburan eta teh meuting di Batu Karas dua poe. Saacan balik ka Bandung ngaliwatan Pangandaran, kuring nyimpang heula ka daerah Cukang Taneuh anu sok sering disebut "Green Canyon". Sanggeus nyimpang ka Cukang Taneuh terus kuring indit ka basisir Pangandaran. Kuring di basisir Pangandaran teu pati lila, sanggeus babalakecrakan dahar beurang, kuring terus balik ka Bandung.

13. buat lah carpon bahasa Sunda 4 paragraf ​


Jawaban:Warta tina virus Corona parantos dugi ka kampung Sari Asih. Mémang, virus ieu nginféksi ka nagara China. Sanaos para warga parantos diantisipasi di dinya, tangtosna sumebar teu bisa dileungitkeun kusabab mobilitas gancang manusa di daérah modéren ieu. Sareng seueur warta anu matak ngabingungkeun ngeunaan virus ieu ngajantenkeun seueur masarakat bingung. Kusabab kumaha waé wartos éta leres sareng anu salah. Sadaya aya dina hiji.

Kanggo sababaraha alesan nalika panyakit ieu nyebarkeun seueur bohong warta anu sumebar di nagara ieu. Ieu pisan anu nyababkeun suasana kampung Sari Asih. Sababaraha urang batuk, aranjeunna langsung pisahkeun, henteu diidinan kaluar sareng malah tuang di rohangan. Atoh, jalma-jalma di dinya aya anu kena ku kasieun.

Sieuneun nyegelkeun suasana désa. Dulur masing-masing curiga, naha aya batuk atanapi sesak napas. Kaseueuran unggal dintenna ngangge topéng. Malahan hoeing di sawah masing-masing nganggo masker. Dina raraga pikeun awakna janten séhat, aranjeunna kedah nyéépkeun sakedik dina saku kanggo mésér buah. Anjeunna nyarios yén buah ieu seueur vitamin anu tiasa ngajaga kasehatan.

maaf jika salah,maaf juga 3 paragraf saja,terima kasih.


14. contoh carpon bahasa sunda


KASASAR DI KEBON BINATANG
Keur poe minggu abdi jeung dulur,,, dulur,,,, abdi ka kebon binatang naik mobil bus Pas tos nyampe di kebon abdi kajero ngadeuleu sasato anu loba macem macem rupa, aya gaah, Monyet oray, macan burung, landak, Di ditu abdi ngulilingan kebon binatang, entos ngadeuleu sasatoan abdi jeng dulur abdi, aremam Ngampar bari ngadeuleu sasatoan Pas tos emam abdi uih, di perjalanan teh abdi jeung dulur-dulur kasasar teu nyaho jalan, Balik kamobil di ditu kabeh careurik terus urang Tanya-tanya kana jelema Alhamdulillah katimu di dinya kabehan srono akhirna katimu jalan kaluar.

15. Buatlah carpon dalam bahasa sunda ?


Aya hiji jaman baheula,aya nini-nini jeung aki-aki boga anak hiji di aranan si jiji tah di sakolah teh di titah carita: Aya hiji jaman baheula aya nini-nini jeung aki-aki boga anak hiji di aranan si jiji tah di sakola na titah carita kitu :D. 

Video Terkait


Posting Komentar untuk "Carpon Bahasa Sunda Pendidikan"